masa b.sunda disuruh cari berita, mana ntar dirangkum or something2 lagi -___-
hemenyeeeeeeeeeh~~~~~~
gilaaaaa!!! nasib gua gimaanaa neeeh!!
Korban Longsor Di Desa Tenjolaya Diajar Di Tėnda
—
—Puluhan murid sakola di Perkebunan Dewata, Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung, nu dina tanggal 23 pebruari 2010 keuna ku urug, masih keneh diajar di tėnda darurat. Maranėhna teu bisa balik deui ka sakola asal, ku sabab sieun longsor deui.
—
Pupuhu pos koordinasi bersama mitigasi, informasi jeung bantuan musibat Pasir Jambu, Ciwidey, Rancabali, asep ester nėtėlakeun aya 242 budak sakola dasar nepi ka sakola menengah pertama (SMP) anu jadi korban longsor. 46 urang di antarana nyaėta murid SDN Dewata anu sakolana deukeut jeung tempat longsor.
—
Maranėhna ayeuna diajar di tėnda darurat. Khusus pikeun kelas VI anu ahad ieu bakal nyanghareupan ujian nasional, ti saprak dua minggu katukang, maranėhna cicing jeung diajar di imah kapala sakola SDN Cisondari.
—
Murid Kelas IV SDN Dewata anu jumlahna 13 urang ėta, ngahaja ditempatkeun di dinya sangkan bisa meunang bimbingan diajar nu enya-enya, samemeh ujian nasional. Murid utamana dibekelan pangajaran tambahan pikeun pangajaran bahasa indonesia, bahasa inggris, IPA, IPS jeung pendidikan kewarganegaraan.
—
Unggal Senen , 46 murid anu diajar di tėnda meunang bimbingan ti guru khusus anu didatangkeun Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung. tenda darurat anu diadegkeun di blok G5 perkebunan tėh dewata, kira-kira 6 KM ti lokasi longsor. dina kaayaan diajar jeung ngajar saayana, murid tėh katingali hėsėeun pisan diajarna.
—
Ai Sri Suslowati murid kelas VI SDN Dewata anu diajar di SDN Cisondari, ngėbrėhkeun yėn manėhanana kurang genah di sakola nu anyar, sabab kudu ngabiasakeun deui hirup jeung murid, guru, sarta lingkungan anu anyar. kabėhanana ayeuna aya 187 murid SD jeung 40 murid SMP korban urug anu geus dititipkeun ke sakola-sakola anu deukeut.